Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah
waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng
syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa
ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah
salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu
hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya
Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi
anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara
perpisahan kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak
saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi
ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa
sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu
diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka
nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi
amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda
dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti
Allah SWT.
Wabilahitaufik
walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb
No comments:
Post a Comment